Kembali lagi niech sma Magnae SNSD hehehe bercanda mimpi dikitlah
Aku mau share sesuatu nieh tapi sebelum itu aku mau cerita tadi pas aku lg UN SMP ditunda smpai jam 9 padahal udah di suruh dateng jam 6 pagi sedih bngt :(. Kayanya gak ada yang peduli yaudah kita Mulai aja Yaaa
Kali ini aku mau share tentang Pidato Berbahasa SUNDA pasti ada yang di suruh yach buat bikin atau nyarii
‘Hari Jadi Kota Bogor anu ka 531’
Assalamu’alaikum wr wb.
Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat.
Sateuacanna sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung, anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah, ku jalaran ni’mat ti manten-Na pisan, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat dina raraga miéling ‘Hari Jadi Kota Bogor anu ka 531.

Solawat miwah salam, urang
sanggakeun ka Jungjunan urang sadaya, nabi ahir jaman anu parantos nuyun
sakumna umat kana jalan kamulyaan, Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina para
sohabatana kalih ka jalmi-jalmi soléh sapandeurieunana. Hadirin hormateun sim
kuring!
Langkung tipayun sim kuring hoyong
nyanggakeun pangwilujeng, réhna Kota Bogor ayeuna nuju milangkala anu ka 531.
Salaku urang Bogor, kantenan baé urang sawadina kedah reueus, jalaran Bogor anu katelah “Kota Hujan” téh aya punjulna ti wewengkon séjénna nu aya di Jawa Barat. Naon baé kapunjulan Kota Bogor téh ? Upami seug ditataan hiji-hiji mah kantenan seueur pisan. Dina danget ieu sim kuring mung badé medar salangkung baé jalaran waktosnaa nu samporét.

Sakumahaa nu kauninga ku hadirin
sadaya parantos ti béh ditu kénéh Bogor kawéntar ka mana-mana ku kaéndahan
alamna, sarta hawana anu matak seger. Ku urang Walanda dugi ka disebat
buitenzorg hartosna tempat pikeun ngareureuh.
Bapa miwah lbu, sumangga urang
tataan kaéndahan alamna. Bogor miboga tempat-tempat wisata anu kalintang
éndahna sarta kadeugdeug ku nu ngaradon piknik ti mana-mana. Aya Kebon Raya,
Taman Safari, Taman Bunga Cibodas,Curug Cilémber, sareng sajabina. Salian ti
kaéndahan alam, Bogor ogé miboga tempat wisata budaya.
Di Bogor aya Istana Bogor, Museum
Zoolog, Museum Perjuangan tempat karajinan wayang, sareng sajabina.
Kantenan baé eta kaéndahan alam téh
kedah diriksa ku urang sadaya. Upami lingkungan alam ku urang diruksak tangtos
bakal nimbulkeun mamala. Balukar tina ruksakna leuweung, ku urang apan katingal
aya musibat di mana-mana. Naon margina? Jalaran manusa kiwari beuki sarakah
beuki resep ngaruksak kasaimbangan alam. Saban waktos tangkalan dituaran di
mana-mana, bari langka dipelakan deui sakumaha mistina.
Balukama gunung-gunung darugul,
pasir-pasir bulistir. urug saban waktos. Banjir saban waktos. Kitu deui banda
budaya. Upami henteu dipiara dimumulé ku urang tangtos bakal tumpur.
Hadirin hormateun sim kuring!
Rupina teu aya deui anu tiasa
dipilampah “iwal ti hayu urang sasarengan, rempug jukung sauyunan miara sareng
ngamumulé banda budaya sorangan. Hayu urang ngariksa alam sabudeureun ngarah
tetep asri tur éndah. Hayu urang rampak tandang ngawangun Bogor lemah sarakan
urang.
Mawa obor ka Cikarang,
mawa kisa ka Cianting.
Kota Bogor boga urang,
kudu diriksa dijaring.
Mawa obor sisi kulah,
di susukan aya hurang.
Kota Bogor lemah éndah,
kota panineungan urang.
mawa kisa ka Cianting.
Kota Bogor boga urang,
kudu diriksa dijaring.
Mawa obor sisi kulah,
di susukan aya hurang.
Kota Bogor lemah éndah,
kota panineungan urang.
Hadirin nu dipihormat!
Rupina sakitu nu kapihatur.
Hapunten bilih aya basa sareng tata-krama anu kirang merenah. Bobo sapanon
carang sapakan. Langkung saur bahé carék hapunten anu kasuhun.
Wassalamu’alaikum wr wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar